Aneka mantra Jangjawokan dari tanah sunda

Jangjawokan paranti di pupur
pupur aing pupur panyambur
panyambur panyangkir rupa
nyalin rupa ti dewata
nyalin sari widadari
di deuleu tihareup sieup
di sawang ti tukang leunyang
di tilik ti gigir leungik
mangka weulas mangka asih kanu di pupur
di tenjo ku saideur kabeh

Jangjawokan Paranti Nyeupah
Bismillahi suruh panggawé ati
jambé panglebur ati
apu panggurit ati
angker atina Si Anu
Bismillahillahi putih saking bapa nira
abang saking biang nira
dadu arana ashadu adep idep. Tamat
Jangjawokan Ngalintar atawa Nguseup Supaya Loba Laukna
Aki Rékrék Turaya
anak patutan turunkeun
aing nya pangkonan sia
Banyu emas nu lénggang putih
Bayu emas nu lénggang hérang
bumi meneng //bayu meneng -7-
Ku Sang Kilat kumoncorong ratna putih
Sang Ibut Putih undur ku Sang Kilat Sakti
Ya isun sang D(e)mit Jati. Tamat
Jangjawokan Ménta Lauk ka Siluman-sileman
Aki Batara Gangga nu ti girang
Aki Batara Ginggi nu ti hilir
Aing ménta ingon-ingon.
Geura top.
Jangjawokan Lulut Kana Lauk
Asihan aing Si Bangbarang Hérang
asih nu saleuwi sono nu sasédong
Ret puret nu karengkep aing.
Jangjawokan Mandi
cahaya mamandi cahya
ya iku anganggo cahyaning macan gebong
maka wulung ati
digugul sia bagulong-gulong
beunang gulungan pantang sia bagolong
tek anceup tek sieup ka awaking

Jangjawokan Paranti Bebedil Supaya Ulah Nyalahan Mimis

Caramaya isun angkongkon maring sira
pangbedahkeun aing Sang Badigul Putih
ku sang Baju Badigul Putih
ka sawakcané kanu pernah
tuh sawarga nira.
Jangjawokan Paranti Kana Bedil Supaya Ulah Keuna Ku Harus
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Isun ngaran nira sadurungé ana bumi langit
Sang Diwulat aran nira
nursih maring isun.
Jangjawokan Paranti Ngajajamuan Awéwé Supaya Jadi Parawan Deui
Saratna dina buah cau kulutuk anu sacinggir gedéna lobana opat belas ésé. Puasa sapoé sapeuting. Ieu du’ana:
Bismillahirrohmanirrohim
Kulit raket otot raket
daging raket balung raket
pet pet dipepetan.
Jangjawokan Maké Minyak
Minyak aing minyak watu
dipidu di sihung maung
diocék di panonpoé
sekar taji suru gajah
nya gajah tunggal katau
wus kabeubeur
wus kabeungkeut atina si anu
atawa atina wong sajagad kabéh
Jangjawokan Lamun Paré Kurang Eusi
Ashadulallaillahaillalloh
waashaduannamuhammadarrosululloh.
Jimat aku jangkaring sahadat
puhu rasa godong hurip
sirulloh rasul kang asup cangkang
muhammad bungkulung manah. Tamat
Jangjawokan Panganggo Patani ti Awit Naék kana Leuit Paranti kana Tarajé
Puhaci Kéwuan Larang
Puhaci Rantayan Jati Aran Panggolong
Puhaci Sara Gimansari
wawuh sira ma ngambung sa énjak-énjak
saréna saeutik mahi hanteu réa nyésa
puhaci lantaran hérang
puhaci lantaran manik
puhaci lembut putih ana persandak
Jangjawokan Paranti asup kana leuit
Buah sukma peupeuk nu peupeuk Sang Batara Jati
ulah gédér ulah reuwas
mangga unggut kalindungan
ulah gedag kaanginan
ieu geus sia dilemah putih kasucianana.
Jangjawokan Paranti Neundeun Enggon atawa Telebug keur Paré
Gunung manik aniten
sampakeun para déwata
aran gunung Puhaci Amaran Jati Amparan.
Jangjawokan Ka Nu Tinggaleun Supaya Teu Leungit atawa Dipaok
Tinggaling sukma aran wawayangan tengah
aran nu ngaraksa lumbung
Puhaci lantaran hérang
Puhaci lantaran manik

Jangjawokan Paranti rék Nyokot Paré

Nurulloh sirulloh
seri ambu leungeun ngadatangkeun
nya aing Ambu Puhaci Ratna Kasih
deudeum sukma pepek langgeng
tan kenang owah. Tamat
Jangjawokan Netepkeun Béas
manik larang ngaran nu tapa di jéro béas
puhaci lénggang hérang
puhaci leunteur putih nu mangku sajagat kabéh
ngaran dalu-dalu puhaci gelungan jati
ngaran kéjo puhaci lémok larang
ngaran gigih puhaci lempungan rasa
ngaran réméh puhaci naga talétéh
ngaran anu nungguan imah nini bermana aki bermana
ngaran anu dina lawang imah nini gandaré aki gandaré
ngaran longlongan nini Karamat aki Karamyang
ngaran anu di girang nini iles aki iles
ngarana anu di hilir nini déwa kasih
nya aing sira mangambuh
sira mangambuh saéncak-éncak
saréana saeutik mahi hanteu réa nyésa
Puhaci Megat Rasa
Puhaci nu aya di wétan Sri Mangebarung
Puhaci nu aya di kidul Sri Mangundur
Puhaci nu aya di kalér Sri Mandalarang
Puhaci nu aya di kulon Sri Mandala Putih
Jangjawokan Ngingu Sapi
Sia abus kenur tambang taya ngaran
sia eukeur tapa di gunung di kahiayangan
rasa sia rasa awaking rasa sia
Jangjawokan Ngingu Ingon-Ingon
Sang Sawara Nini Kumantang Aki Kumantang
duwé putih Sang Putilang mang liat mangala-ala
sawara sia sawara awaking
Andini Apus Buyut Cangah ngaran sia
eukeur tapa di jero
beunang bubu putih
wangsa tingal mantra sia
nya aing batara sia
Jangjawokan Arék Mandi
Nawaétu Ranggani namaning istri
dat ludiat dat cahyaning pangéran
jisim abdi ngangken cahyaning pangéran
Jangjawokan Nyerepkeun Élmu dina Sapoé Sapeuting
Seri Tapa Mulanggana
awak panipuh buana
anyipuh Sang Hyang Tapa
nur dat nur sipat
nurtes bakaling manusa
trét cai bakaling manusa
lailaha ilalloh Muhammad darosululloh
Jangjawokan Nyaba

saméméh indit kudu ngagedig bumi tilu kali sarta maca:
bumi tuli jagat buta
rep peteng wong sajagat kabéh

Jampe Nyimpen Beas
mangga nyi pohaci
nyimas alame nyimas mulane
geura ngalih ka gedong manik ratna inten
abdi ngiringan
ashadu sahadat panata, panetep gama
iku kang jumeneng lohelapi
kang ana teleking ati
kang ana lojering Allah
kang ana madep maring Allah
iku wuju salamaet ing dunya
salamet ing akherat
asahadu anla ila haileloh
wa ashadu anna Muhammaddarrasolullah
abdi seja babakti kanu sakti, agung tapa
nyanggakeun sangu putih sapulukan
kukus kuning purba herang
tuduh kang seseda tuhu
datang ka sang seda herang
tepi ka kang seda sakti
nu sakti neda kasakten
neda deugdeugan tanjeuran
contoh lainnya,
Jampe ngisikan (mencuci beras) :
mangga nyimas alene nyimas maulene
geura siram dibanyu mu’min
di Talaga Kalkaosar
abdi ngiringan
nyi pohaci budugul wulung
ulang jail babawaan kaula
heug
nyi pohaci barengan jati
ulah jail kaniaya
ka nyi pohaci sukma jati
heug
Ajian
ieu elmu katimbunan Badan
kuat teu karasa
duk sakumpul asa kapuk
duk sarempang asa kapas
ampulna hampangna
ku pangaresa Alloh sorangan
Ajian
les peteng nu petengles
leungit tandana peteng
nini hanatik
leutikasup kana ruas
leutikawaking si raga ruas
Ajian
asihan aing si burung pundung
maung pundung datang amum
badak galak datang depa
oray laki datang numpi
burung pundung burung cidra kukarunya
malik welas malik asih ka awaking
Asihan
asihan sabeulit bumi
asihan salinlang buana
brag asih da di asih
nu asih lungguh na biwir
nu haat lungguh na soca
roh tuk-truk tuh badan si anu (….)
mangka welas, mang ka asih
raat asih ka badan awaking
Asihan
Nu cunduk bayu si anunu
datang atma si eta
reujeung satineung jeung aingmangka
datang jeung raganamangka
cunduk jeung bayunamangka
baraya jeung satineungmangka
tunggal atmanaiya rasa nira
iya rasa nisunsaking purbaning pangeran
asih na asih ka awaking
Asihan
Nu bogoh paboro-boro
nu hayang paheula-heula
nu beuki pagiling-giling
nu banyu pagulung-gulung
ne atma paheula –heula
mangka reujeung satineung
da tungkul geusan jeung sukma
mangka lebur ucus rumangga
bayahnamangka rug-rug sagalanamangka
asih ka awaking
da urang reujeung satineung
da urang reujeung sa bayu
daurang reujeung sarasaiya
iku asihan sang uleut jati
Asihan
ka Indung anu ngandung
ka Rama anu ngayuga
ka Indung nu teu ngandung
ka Rama anu teu ngayuga
kadulur opat kalima pancer
pang nepikeun ieu hate
ka Indung na anu ngandung
ka Rama na anu ngayuga
ka Indung na nu teu ngandung
ka Rama na anu teu ngayuga
kadulur na opat kalima pancer
kalawan kanu ngurus ngaluis hirup jeung huripna… (sianu) …….Pamugi sing …………
Asihan
Tunjuk curuk masing rincuk
di tunjuk kadua mangkuk
di ondang sangkala datangbasa sia……..
geus di tungtunsukma sia……….
geus di bawabeunang sia ……..
ku aingteu wedi paseuri-seuri
teu weudeu padeuleu-deuleu
tepung tingal mendak layanam
prok jonghok mendak jodo aing………geura tuturkeun
Rajah
Neda agung nya paralun
Ka batara ka batari
Ka batara neda suka
Ka batari neda widi
Agungna ka nu kawasa
Mugi di jaring ku gusti
Karuhun mangka ngariung
Nini aki jadi saksi
Uteuk tongo walang togo
Sakabeh taluk ka kuring
Kabeh pada nyaraksian
Kana ucap kuring tadi
Rajah
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Nini Raja Puhara
Aki Raja Puharaulah
idi ka pepelakan aing
maring pare maring sipat sajeneng
kalawan ingsun sasipat
kalawan ingsun maojud
maring datulloh
maring sipat beas
sajeneng kalawan isunmaojud
maring datulloh
Sri asih ka bangsa tunggal kagungan
Sri suci mulya badan sampurna tunggal iman
Ambu pancering iman
Bapa tangkaling iman
gagang aing gagang imansalupih
aing dadi lansip dadi sasip dadi lancip
Singlar
Curulung cai ti manggung
barabat ti awing-awang
cai tiis tanpa bisi
mun deuk nyatru ka si itu
mun deuk hala ka si eta
anaking palias teuing
Singlar
Ong gambang-gambung teluh katimpuh
buta kasinglar wong sira
pada suminggahya wisésaya
aing patapan masdarupatapan
daruniratu neluh buta ajur
Si Lumbak Si Atong
Si Ngudak Si Cocolongok
Si Kapulaga sira liman
jeneng ingsun Sutera Mangayaluwas waluya
walaidun desit cundek kalacalu
sipat nabi Sipat iman iya Rosululloh

Semoga postingan kali ini bisa menjadi pembelajaran dan mengenal budaya nusantara yang beraneka ragam. dan semoga bermanfa’at.




====================================
CATATAN REDAKSI:

Siapapun boleh mengirim artikel ke dalam blog Kampus Orang samar ini.
kirimkan artikel anda via https://eyangsamar.com/kirim-artikel
(otomatis masuk postingan blog ini)

untuk promosi Gemblengan / BAKTI SOSIAL / dll silakan kirim ke [email protected]
HARAP HATI-HATI TERHADAP PENIPUAN OKNUM YANG TIDAK BERTANGGUNGJAWAB .

Salam rahayu.
TTD
Eyang Samar Atas Angin
(Pendiri KOS)



ANEKA MANTRA, DATA KEILMUAN

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *